BARAWAK 03: "Binatu Sapatu"
from Radio Depan Rumah Hosted by RDR
Jenengan @resnagalihm salaku panglima wadah sikil babagi pangalaman jeung skill-na perkawis usaha binatu-na ka para pawang ronda (Jang Keos, Mas Harly, Mang Sasmita sareng Pak Sutikno). Kaleresan manusa nu gaduh landeuhan hahasil tina kawin silang sareng cau ieu kabagéan jadwal ngaronda rutin sareng Jang Yos Cees. Binatu naon cenah? Kieu. Ieu teh pemuda nu nyatana ngagawangan unit laboratorium sapatu @_shoeslab. Jelas pangintennya? Nu pasti mah ieu jajaka téh meni katingal sumanget pisan cumarita, komo deui soal kunaon bet ancrub di dunia na ieu, hubungana sareng pengepul sapatu jeung obrolan sajabana. Papaitna, misalkeun soal hubungan erat-na sareng tai munding nu napel waé dina ambung gé teu kagok dicaritakeun.
Embed this episode
No transcript yet.