BARAWAK 08: "Small Forward Kasarung"
from Radio Depan Rumah Hosted by RDR
Mang Sasmita datangna kapaneurian ka saung ronda Lembur Banyugeni, Tirtadahana. Bari amekannana semu eungap jeung luat-léét késang, ka baladna anu séjén (Jang Keos, Mas Harly jeung Pak Sutikno) manéhna nyarita yén cikénéh geus milu santika jeung sobat dalitna anu ngaran Nova Oktavianus alisa @hhobengg anu kabeneran ogé harita téh manéh na kabagéan ngaronda. -- Kéla kéla... Santika? olahraga? enya mémang, sihoréng simana horéng ieu sobat Sasmita téh saurang atlit bola basket di salahsahiji kampus sohor. Paingan wé atuh sasmita meni jiga anu capé. Manéhna diajakan maskét ku sobatna eta, atawa boa teuing diajak lari ka gunung? naha enya ieu budak teh atlit basket? atawa ngan saukur ulin basket di Timezone? jeung deui ogé geus nyandang préstasi naon baé salila jadi pemaén nepi ka danget ayeuna? -- Supados teu seueur teuing balaka béléké ka ditu jeung ka dieu, mangga wé nyanggakeun @barawaksiniar édisi "Small Forward Kasarung", Rebo, kaping 2 September 2020 tabuh 23.00 WIB di @radiodepanrumah kagungan Pak Kosim téa. *Panuhun sakedik: khusus édisi ieu mah Pak Sutikno kudu ngalalana kalayan ninggalkeun pos ronda na dina wanci janari leutik saméméh si Karmo adzan awal. Geus ilahar Sutikno mah sok ngadak-ngadak sibuk, pikasebeleun... #BarawakSiniar #SiaranWebTanalir #radiodepanrumah
Embed this episode
No transcript yet.