Keurseus Budaya Sunda: Nyundaan Urang Sunda episode artwork

EPISODE · Sep 8, 2021 · 3 MIN

Keurseus Budaya Sunda: Nyundaan Urang Sunda

from Lopian Unpad · host Lopian Unpad

Urang tos pada terang yén Sunda téh kalebet salah sawios sélér ti bangsa Indonésia anu kawilang ageung. Jumlahna kirang langkung 40 juta jiwa atanapi 15,5% tina jumlah padumuk Indonésia. Urang Sunda aya di mana-mana, tapi seuseueurna mah dumuk di Jawa Barat, Banten, Jakarta, sareng di lelewek palih Kulon di Provinsi Jawa Tengah. Mung baé, tina sakitu seueurna nu ditakdirkeun lahir di tanah Sunda téh teu sadayana nyunda. Universitas Padjadjaran (Unpad) minangka salah sawios paguron luhur nu aya di Jawa Barat kahudang tanggung jawabna pikeun nyundaan urang Sunda. Salah sawios tarékahna nyaéta ngayakeun Keurseus Budaya Sunda, nu diluluguan ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad). Ieu kagiatan téh diparajian ku Kepala PDPBS Unpad, Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, D.E.A. Saleresna, ieu keurseus téh parantos lumangsung ti mangsa Prof. Ganjar mancén Réktor Unpad taun 2007-2015. Kiwari, ku alpukahna PDPBS Unpad, Keurseus Budaya Sunda anu dikawitan taun 2011 téh diayakeun deui. Aya 19 jejer anu baris diguar dina Keurseus Budaya Sunda ti Agustus dugi ka Désémber 2021 téh. Sadaya jejerna dipedar tur disawalakeun saban dinten Rebo tabuh 15.30-17.30 WIB dina aplikasi Zoom meeting. Sabada lekasan, éta matéri-matéri keurseus teh baris didigitalkeun kana ieu akun podcast Lopian. Ku kituna, Baraya Lopian anu kakantun sawalana atanapi kataji ngabalénan deui pedaranana, sumangga bandungan waé unggal jejerna dina ieu akun podcast. Pamungkas. Mugi-mugi urang Sunda beuki nyunda, tur kasundaanana ogé beuki barokah.

Episode metadata supplied by the publisher feed · Published Sep 8, 2021

Embed this episode

NOW PLAYING

Keurseus Budaya Sunda: Nyundaan Urang Sunda

0:00 3:17

No transcript for this episode yet

We transcribe on demand. Request one and we'll notify you when it's ready — usually under 10 minutes.

No similar episodes found.

No similar podcasts found.

Frequently Asked Questions

How long is this episode of Lopian Unpad?

This episode is 3 minutes long.

When was this Lopian Unpad episode published?

This episode was published on September 8, 2021.

Can I download this Lopian Unpad episode?

Yes. Use the download control on the episode player to save the publisher-provided media file.
URL copied to clipboard!